Senin, 04 Juni 2012

Halangan Diri


Na Kunaon Sagala Rupa
Ngan Aral,Gagal Jeung Gagal
Soal Cinta Jeung Usaha
Kandas Pamaksadan
Kamudahan Beut Ngabalieur
Kalah Ka Ngan Naronggongan
Paruntungan
Lumpat Ngajauhan
Naha-Naha Kunaon
Boa-Boa Halangan Diri
Nu Mangrupi Dosa-Dosa
Kajongjonan,..Kangenahan
Ngumbar-Ngumbar Larangan

Boa-Boa Halangan Diri
Nu Mangrupi Dosa-Dosa
Nu Ngajajar Meuni Panjang
Sapanjang Jalan Kareta

Aduh Gusti Aduh Gusti Kumaha Ngentengkeun Nana
Aduh Gusti Aduh Gusti Kumaha Ngabebaskeun Nana

Panon Cireumbay,Mapay-Mapay Pipi
Ragragan Kana Sajadah
Ngingeut Ngingeut Laku Lampah
Ninggang Salah Jeung Salah

Hate Anu Meulit
Hate Nu Ngajeurit
Kabeulit Ku Dosa-Dosa
Biwir Anu Ngageuter Ngedalkeun Rasa Ngiwat
Ampun-Ampun Duh Gusti...